Pages

Minggu, 01 Januari 2012

MILANGKALA UNIT PROTOKOL 0907 KA - 12

SALAM PRAMUKA

Teu karaos nyelerekna waktos, kiwari Unit Protokol 0907 nu aya dina papayung Kwartir Cabang Kabupaten Ciamis geus jejeg ajeg 12 taun ngatik jeung ngadidik nonoman Galuh Ciamis dina widang Kapramukaan. Kiwari, cunduk waktu nu rahayu ninggang mangsa nu waluya seja ngayukeun milangkala nu baris dilaksanakeun dina :

Dinten : Kemis, 5 Januari 2012
Waktos : Tabuh 19.30 dugi ka rengse
Tempat : Aula Dasa Darma Kwarcab Ciamis
Raksukan : Batik atanapi bebas/ sopan

Bungah nu taya papadana, saupami raka/ rai/ saderek sadaya tiasa sumping ngaluuhan ieu acara dina waktosna. Tina kasumpingana kuring ngahaturkeun rebu nuhun laksana keti kabingahan.


Comments
0 Comments
Facebook Comments by Blog Urang Sunda

0 komentar:

Posting Komentar

 
© 2012 by theant
buku tamu
If you do the right no one remember if you do the wrong thing no one forgotten